WAKTU NU DIHARAMKEUN PIKEUN SOLAT

Sabagian deui ulama mah ngangge istilah “Waktu-waktu nu dimakruhkeun pikeun ngalaksanakeun solat”, maksudna nyaeta Makruh Tahrim.[1]

Ø Waktu nu diharamkeun pikeun ngalaksanakeun solat teh aya lima rupa; tilu rupa hubunganna jeung waktu, nu dua rupa na mah hubunganna jeung pagawean.

Ø  Tilu rupa nu hubunganna jeung waktu mah nyaeta:

  1. Ti mimiti meletek panon poe nepi ka naek saukuran satumbak ku ukuran paningali panon, nyaeta kira-kira nepi ka 16 menit ti mimiti meletek panon poe. Sabab satumbak teh sarua jeung 4 darajat, ari sadarajat teh ukuranana 4 menit.
  2. Nalika panon poe istiwa (pas luhureun ubun-ubun nepi ka euweuh kalangkangan) nepi ka lingsir ka beulah kulon saeutik, waktuna sakeudeung pisan. Diharamkeun ngalaksanakeun solat dina waktu eta.
  3. Nalika panon poe tunggang gunung (Ishfiror) nepi ka surupna.

Ø Dua rupa nu hubunganna jeung pagawean mah nyaeta:

  1. Sanggeus ngalaksanakeun solat Subuh nepi ka meletek panon poe.
  2. Sanggeus ngalaksanakeun solat Asar nepi ka surup panon poe.

Ø Solat nu diharamkeun dina waktu anu lima tadi teh aya dua rupa:

A. Solat sunah nu boga sabab rek ngalaksanakeun pagawean. Aya 6 rupa solat sunah nu kieu teh, nyaeta:

  1. Solat sunah Ihrom                  

2. Solat sunah Istikhoroh                    

3. Solat sunah rek kaluar ti imah     

4. Solat sunah rek indit-inditan (Safar)

5. Solat sunah rek perang

6. Solat sunah Hajat (boga pangabutuh)

B. Solat sunah mutlak, nyaeta solat sunah nu teu ngabogaan sabab nanaon bari waktu ngalaksanakeunana bisa iraha bae, saperti solat sunah Tasbeh jeung sajabana.

Aya nu diiwalkeun tina kaharaman ieu teh, boh tempat atawa waktuna, nyaeta:

  1. Tempat: di Masjidil Harom jeung sakurilingna nu asup kana watesna Masjidil Harom. Maka meunang solat di dinya dina waktu iraha bae oge.
  2. Waktu: ti mimiti istiwa nepi ka lingsir panon poe dina poe Jumaah.

Ngodoan solat mah teu diharamkeun dina waktu nu lima tadi, nya kitu deui solat sunah nu ngabogaan sabab geus ngalaksanakeun hiji pagawean, saperti solat sunah Wudu jeung solat sunah Tahiyatul Masjid[2], atawa solat sunah nu dilakukeun ku sabab ngabarengan hiji kaayaan saperti solat sunah samagaha panon poe (solat sunah Kusuf) jeung solat sunah samagaha bulan (solat sunah Khusuf), kecuali mun ngamaksud rek ngalaksanakeun solat dina waktu haram, maka hukumna haram.

Hukum ngalaksanakeun solat dina waktu keur khutbah Jum’ah: Mun khotib geus naek ka mimbar maka haram ngalaksanakeun solat naon bae numutkeun seuseueurna ulama, sanajan solat ngodoan, kecuali solat sunah Tahiyatul Masjid, eta oge ngalaksanakeun solat Tahiyatul Masjidna kudu dientengkeun (tong lila teuing), jeung ulah leuwih ti dua rokaat.

(Tarjamah Kitab At-Taqriiroot Al-Sadiidah anggitan Habib Hasan bin Ahmad bin Muhammad bin Salim Al-Kaaf, kaca 192-194)


[1] Bedana Haram jeung Makruh Tahrim:

  1. Ari nu disebut Haram mah nyaeta perkara nu geus tangtu dalil kaharamanana bari teu ngabutuhkeun deui penjelasan sejen ngenaan kaharamanana, saperti haramna nginum homer (arak).
  2. Makruh Tahrim mah nyaeta perkara nu geus tangtu dalil kaharamanana tapi ngabutuhkeun/ngamungkinkeun keneh penjelasan, saperti haram ngalaksanakeun solat dina waktu anu lima.

Bedana Makruh Tahrim jeung Makruh Tanzih:

  1. Makruh Tahrim mah mun dilaksanakeun teh dosa, saperti ngalaksanakeun solat dina waktu anu lima.
  2. Makruh Tanzih mah mun dilaksanakeun teh teu dosa, saperti solat sunah antara adan Subuh jeung komatna anu lain solat sunah kobliyah Subuh, jeung saperti ngalaksanakeun solat sunah dimana berjamaah solat wajib keur diadegkeun.

[2] Tapi mun solat dina waktu nu diharamkeun eta make niat ngabarengkeun dua solat sunah, nyaeta solat sunah sabab geus ngalaksanakeun pagawean jeung solat sunah sabab rek ngalaksanakeun pagawean, maka mun saperti kitu mah teu meunang, saperti solat sunah Tahiyatul Masjid dibarengkeun jeung Istikhoroh.

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *