HARTI JEUNG KAUTAMAAN SOLAT

  • HARTI SOLAT

Solat ceuk bahasa mah hartina doa, nyaeta doa kana kahadean. Ari ceuk aturan Fiqih mah solat teh hartina “Kumpulan bacaan jeung kumpulan gerakan nu dimimitian ku takbir jeung ditungtungan ku salam numutkeun kaumuman”.

Disebut kaumuman, sabab solat teh kadang-kadang saperti kieu:

  1. Kumpulan bacaan wungkul teu make gerakan, saperti solat jenazah (mayit), solat jalma nu diringkus, jeung solat jalma gering nu ngalaksanakeun rukun solat dina hate.
  2. Kumpulan pagawean wungkul teu make babacaan, saperti solatna jalma nu teu bisa ngomong (pireu).
  3. Teu make gerakan oge teu make babacaan, saperti solatna jalma nu teu bisa ngomong (pireu) bari dina kaayaan diringkus.
  • KAUTAMAAN SOLAT      

Solat teh rukun kadua tina rukun Islam, ngarupakeun tihangna agama. Kautamaan solat pastina agung, saperti diterangkeun dina ayat-ayat al-Quran sareng hadits Nabi. Diantara ayat al-Quran nu nerangkeun ngeunaan kautamaan solat nyaeta:

وَأَقِمِ الصَّلٰوةَ لِذِكْرِيْ

“… jeung geura prak ku anjeun adegkeun solat, pikeun anjeun dzikir (eling) ka Kami.”[1]

وَأَقِمِ الصَّلٰوةَ طَرَفَيِ النَّهَارِ وَزُلَفًا مِّنَ الَّيْلِ إِنَّ اْلحَسَنٰتِ يُذْهِبْنَ السَّيِّئَاتِ ذٰلِكَ ذِكْرٰى لِلذّٰكِرِيْنَ

“Jeung geura prak ku anjeun adegkeun solat dina dua pucuk (tungtung) beurang (isuk-isuk jeung sore, nyaeta solat Subuh, Lohor/Jum’ah, jeung Asar), oge adegkeun deui dina waktu-waktu peuting nu deukeut kana akhir beurang (solaat Magrib jeung solat Isya); karna saestuna eta kaalusan-kaalusan (solat-solat fardu nu lima bieu) teh bakal ngalebur (nutupan) kana kasalahan-kasalahan (dosa-dosa nu lain dosa-dosa nu galede). Eta istiqomah (lempeng bener dina agama jeung tobat) teh, piwulang pikeun para Mu’minin nu tarobat (barakti).”[2]

Kanjeng Rosululloh SAW ngadawuh:

إِنَّ اْلعَبْدَ إِذَا قَامَ فِي الصَّلَاةِ فُتِحَتْ لَهُ اْلجِنَانُ، وَكُشِفَ لَهُ اْلحِجَابُ بَيْنَهُ وَبَيْنَ رَبِّهِ، وَاسْتَقْبَلَتْهُ اْلحُوْرُ اْلعِيْنُ مَا لَمْ يَمْتَخِطْ أَوْ يَتَنَخَّعْ

“Saenyana hiji hamba lamun keur ngalaksanakeun solat, maka dibuka pikeun manehna panto sawarga, dibukakeun hijab panutup antara dirina jeung Pangeranna, jeung dipapag ku bidadari salila henteu nyingsring atawa ngareuhak.”[3]

إِنَّ فِي الصَّلَاةِ لَشِفَاءً

“Saestuna dina solat teh aya ubar.”[4]

جُعِلَتْ قُرَّةُ عَيْنِيْ فِي الصَّلَاةِ

“Dijadikeun karesep kuring teh dina ngerjakeun solat.”[5]

إِنَّ اْلعَبْدَ إِذَا قَامَ يُصَلِّيْ أُتِيَ بِذُنُوْبِهِ فَوُضِعَتْ عَلَى رَأْسِهِ -أَوْ عَلَى عَاتِقِهِ- فَكُلَّمَا رَكَعَ أَوْ سَجَدَ تَسَاقَطَتْ عَنْهُ

“Lamun hiji hamba ngalaksanakeun solat, maka didatangkeun ka manehna pirang-pirang dosana, terus diteundeun eta dosana teh dina sirahna, atawa taktakna, maka unggal ruku atawa sujud maruragan eta dosa tina dirina.”[6]

Para ulama sepakat yen solat teh ibadah awak nu pang unggul-unggulna, solat wajibna leuwih unggul tibatan kawajiban nu sejen, nya kitu deui solat sunahna oge leuwih unggul tibatan pasunahan nu sejena.

(Terjemahan kitab At-Taqriiroot al-Sadiidah anggitan Habib Hasan bin Ahmad bin Muhammad bin Salim al-Kaaf, kaca 179-180)


[1] Q.S. Thoha ayat 14

[2] Q.S. Hud ayat 114

[3] Ti Imam At-Thobroni dina kitab al-Kabir (8:250) (7980) tina hadits nu diriwayatkeun ku Abu Umamah.

[4] Ti Imam Ahmad dina kitab Musnad-na (2:390) tina hadits nu diriwayatkeun ku Abu Hurairoh sareng Ibnu Majah dina kitab At-Thibb (2:1144) (3458).

[5] Ti Imam Ahmad (3:128) sareng Imam An-Nasa’i dina kitab Asyarotun Nisaa (7:61).

[6] Ti Imam At-Thobroni dina kitab Al-Ausath (7:154) (7310).

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *